Cerita Dongeng Asal Usul Situ Bagendit Danau di Jawa Barat Bahasa Sunda
Berikut Ini Cerita Dongeng Asal Usul Situ Bagendit Danau di Jawa Barat Bahasa Sunda
Penulis: non | Editor: galih permadi
Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.
Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng.
Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun.
Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.
Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.
Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun.
| Rekening Penerima BLT DBHCHT di Kendal Terdeteksi Digunakan Judol, Bupati: Sudah Diblacklist |
|
|---|
| UIN Walisongo Gelar Literasi Keuangan Syariah dan Program Kewirausahaan Bersama CAR Life Insurance |
|
|---|
| Harga Pangan Naik, Inflasi Cilacap Tembus 2,81 Persen pada September 2025 |
|
|---|
| Ayah Bejat dari Kebumen Cabuli Anak Tiri Sejak Masih SD, Korban Diancam Bakal Dibunuh Jika Lapor |
|
|---|
| Bupati Klaten Hamenang Jenguk Siswa yang Keracunan, Sebagian Dirawat di RSUD Bagas Waras |
|
|---|

Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.