Dongeng Anak
Dongeng Anak Sebelum Tidur, Kisah Situ Bagendit Berbahasa Sunda
Sasakala situ Bagendit Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana
Penulis: Alifia | Editor: galih permadi
Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng.
Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun.
Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.
Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.
Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.
Méméh indit manéhna ngomong kieu: "Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna."
Ngomongna kitu téh kasaksian ku sakur anu aya di dinya.
Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakarak gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: "Ca'ah! Ca'ah!" cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung.
Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu ka tembong.
Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah Situ Bagendit téa.
(*)
Cerita Dongeng Anak Peter Pan, Wendy dan Captain Hook Bahasa Inggris, Cocok Dibacakan Sebelum Tidur |
![]() |
---|
"The Lonely Princess" Cerita Dongeng Anak Bahasa Inggris Tentang Putri Raja yang Kesepian |
![]() |
---|
Dongeng Anak Sebelum Tidur, Kisah Seorang Pencuri Obat dan Kebijakan Raja Bronsa |
![]() |
---|
Cerita Dongeng Peri Kecil Tinkerbell di Pixie Hollow Bahasa Inggris Pengantar Tidur Anak |
![]() |
---|
Dongeng Anak Sebelum Tidur, Kisah Nelayan Miskin dan Remahan Mantao |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.