Minggu, 3 Mei 2026
Wonosobo Hebat
Selamat Datang di Superhub Pemkab Wonosobo

Dongeng Sunda Fabel Anak Sebelum Tidur Kuda yang Suka Mengeluh

Inilah dongeng anak Bahasa Sunda yang cocok dibacakan sebelum tidur berjudul Kuda yang Suka Mengeluh.

Tayang:
Penulis: non | Editor: galih permadi
The Walrus
Dongeng Sunda Fabel Anak Sebelum Tidur Kuda yang Suka Mengeluh 

Dongeng Sunda Fabel Anak Sebelum Tidur Kuda yang Suka Mengeluh

TRIBUNJATENG.COM - Inilah dongeng anak Bahasa Sunda yang cocok dibacakan sebelum tidur berjudul Kuda yang Suka Mengeluh.

Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul.

Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana.

Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung.

éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda.

Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan.

Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung.

Éta karung téh ditalian deui kana kuda.

Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.

Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.

Sumber: Tribun Jateng
Halaman 1/3
Ikuti kami di

Komentar

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved