Dongeng Asal Usul Situ Bagendit Danau di Jawa Barat
Inilah dongeng Bahasa Sunda tentang asal usul Situ Bagendit Danau di jawa Barat, cocok dibacakan untuk anak sebelum tidur. Sasakala situ Bagendit
Penulis: Ardianti WS | Editor: galih permadi
TRIBUNJATENG.COM - Inilah dongeng Bahasa Sunda tentang asal usul Situ Bagendit Danau di jawa Barat, cocok dibacakan untuk anak sebelum tidur.
Sasakala situ Bagendit
Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit.
Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit.
Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana.
Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna.
Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.
Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup téh éstu nunggelis.
Ari beungharna téa mah tétéla.
Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah.
Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.
Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa.
Teu kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun basa usum panén.
Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong.
Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana.
Perjuangan Jamaludin Berenang dari Batam Menuju Singapura, Berakhir di Penjara dan Dicambuk |
![]() |
---|
Bocah Kakak Beradik Meninggal saat Tertidur Pulas Usai Truk Pasir Timpa Rumahnya |
![]() |
---|
Ahmad Husein Pati Buat Gerakan Jatenggugat, Ini Tuntutan yang Ditujukan pada Gubernur Ahmad Luthfi |
![]() |
---|
Kecelakaan di Boyolali: Pejalan Kaki Tak Dikenal Tewas Tertabrak Elf, Ini Ciri-cirinya |
![]() |
---|
Beragam Promo Menarik di GIIAS Semarang 2025 |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.